Senin, 26 Desember 2011

Basa keur ngantosan di Sarajevo, aya Angin ngaliwat hareupeun kuring.

Pok nanya, "Ngantosan saha?" ceuk Angin.

Ngantosan kalangkang tineung nu masih nyesa, Angin.

"Naha kitu bet diantosan?" Angin naros

Apan abi teh hoyong pendak sakedapan mah, Angin.

"Na pami tos pendak bade naon kitu?" masih ceuk Angin.

Ah hoyong imut we, Angin. Da pami nyarios mah teu wantun, Angin.

"Har itu, enggal geura uih, tingal tos wengi, bade dugi iraha ngantosanna?" Angin ngajak uih.

Alim ah, hoyong ngantosan we, Angin.

Keun we teu dongkap oge

Hoyong di dieu we, hoyong malidkeun kasono, Angin.

"Enya atuh, heg dibaturan ku kuring nya!" ceuk Angin.

Tuluy Angin maturan kuring

Angin mepende kuring na lahunanana

Angin ngelap cisoca nu tuluy ngamalir sapanjang peuting

Angin...

geuning bageur anjeun teh?

Angin

Urang antosan we di dieu nya,

baturan kuring . .


Tidak ada komentar: