Lengkah urang munggaran
basa tepung panangan dina ranggeuman
paguneman jeroeun dada duaan
angin gunung mageuhan alam impian
Langit ceudeum haleungheum
basa lengkah ti tonggoh muru ka landeuh
na pudunan saksina hanjuang beureum
na pudunan girimis maheutkeun deudeuh
Saiuh payung, tepung kagandrung
Saiuh payung, ratug jajantung
Saiuh payung, imut na lawung
Saiuh payung, ka bale nyungcung
Tidak ada komentar:
Posting Komentar